Jumat, 12 Maret 2010

Kuring.... Waktu, jeung Anjeun (Anaking)

"Waktu anu ngarayap ngahudang rasa jeung rumasa dina lakuning hirup, mungguh urang mah mah manusa jadi duta geusan mulasara dunya jeung pangeusina, antra, jentre dina ringkangna, lain bae mingpin dirina pribadi.......jauhna mingpin, ngabina, ngawangun balarea anu lapar tur hanaang ku elmu jeung pangaweruh, geusan hirup kumbuh......."

"Ayeuna mangsana datang pikeun nalungtik, nyusul galur asal usul, ngintip pertiti awit, prak geura sungsi kalangkang ringkang baheula, anu jadi silib jeung panggeuing, lalakon anu kateang kasorang tur karandapan jadi tunggul wangunan kahayang anu angger anjaclang di mega malang................."

"Naha saha anu ngancik dina diri ?........, naha saha nusok jumerit dina diri ?........., sakapeung..........waktu sok rajeun mawa kasuka, sakapeung waktu ngandum kabingung.........geuning waruga teh ukur saheulay samak nu lecek, dikeukeuweuk digulang gaper ku mangsa............."

"Diri jadi panonoban wanci, diri ukur pangreureuhan kahayang........mangsa anu ngatur diri jadi tempat pikeun guling gasahannana pangharepan...........sakapeung mangsa mawa gambaran nu jadi udagan........naha kasorang ?..........naha karandapan ?.............."

"Sausik usiking jasmani, sagerak gerakna rasa, renghapna napas sadami, keretegna ati sanubari disaksi ku waktu anu tangtu, eta jadi catetan pikeun diri anu teu leupas tina Kersana Dzat Allah Taala................hakekatna geuning urang mah teu daya teu upaya........" 

"Nyerelekna waktu anu tangtu teu bisa dihalang-halang, eta geus jadi papasten tinu Maha Kawasa........najan sungkan moal mungpang, najan sedih maksa pamit, kumambang ka Pangersa-Na, teu werat mungkir katakdir......kantun nampi kana papasten Ti Allah Azza Wa Jalla......"

"Mangsa anu lawas panineungan, kasawang ku panon ati, tapak lacak nu karandapan baheula pada bruh-breh narembongan......kajadian anu kasorang, kabungah sareng kasedih, jengkel kaselang guligah datangna teh pilih genti, mangsa kabungah suka-seuri (mangsa urang sasarengan).....mun nguyung pada ngarungrum ragem pada ngabubungah,.......waktu mintonkeun kaasih (mangsa urang sasarengan) ngalandongan ku luang sewang-sewangan"

"Tapi mungguhing manusa, kakeunaan ku owah gingsir........(mun urang) rajeun aya kelepatan boh nu ageung boh nu alit mo kenging dipungkir deui pasti aya, moal suwung sanaos hanteu dihaja....nya ieu nu jadi pikir........pikiraneun pikeun (kuring) nu ngarandapan.........................."

"He waktu anu angger lumingsir, poe kaganti ku minggu.....minggu ka ganti ku bulan..... bulan kaganti ku taun,....ayeuna mangsana datang....anjeun jadi saksi pikeun (diri) nu ngarandapan ......., padahal hate mah asa wegah rek ngalengkah........waktu.... deui deui ngagupay.....anjeun ngajauhan ngiles dina pengekolan (muru/mapag) pikeun babakti......."

"Waktu anu tetep ngajauhan....jeung diri nu hanjelu nganteur anjeun ti taun ka taun bari urang reureuh sakedapan.......geuning lengkah teh jauh keneh, atawa boa salengkah deui ???...............
tapi sanajan kitu.....kuring mo kendat usaha ngeusian waktu.......ku Cita jeung Pangharepan (Mibanda Karsa, Cita jeung Cipta dina Lengkah Hidep Kiwari saestuna Sampeureun Jaga......)"

"Waktu beuki heureut beuki jauh, aya nu datang aya nu pamit, kembang ge mimiti ligar, mekar, seungit ngadalingding........ atawa layu maruragan ?............halimun nu ngarungkupan hate... rambasbas ragragan tina daun nu oyag katebak angin........urang mo bisa ngitung lengkah pikahareupeun lantaran balap jeung kesitna waktu.........."

"Hakekatna geuning umur teh ngurangan tina kuduna, mangsa budak mangsa rumaja tinggal katineung mangsa urang sasarengan tinggal kalangkang, nilik tapak lacak nu katukang bruh-breh deui mukakeun mangjuta kahayang jeung pangharepan........."

"Neuteup pameunteu dina eunteung hareupeun urang, bari diri angger tatakon ..........."
"Naha saha anjeun nu nguyung dirungrum ku kabingung ?"
"Naha saha anjeun nu guligah mibanda mangjuta kabungah?"
"Naha saha anjeun nu tetep teger dina umpalan ombak kahayang jeung kahirupan ?
"Naha saha anjeun nu tetep Takbir, Tahmid jeung Tahlil ngamulyakeun Asma Na Allah dina lingkungan sakola......?........teu......teu werat nudingkeun curuk pikeun nuding diri nu loba dosa.............rumasa..........." 

"Waktu nu mimiti ngiles, celak-celak ngajauhan, ngagupay deui....nuduhkeun ambahan waktu nu baris datang.....naha naon nu baris karandapan.......?, jawabna : "Eta mah rahasia waktu.............. mungguh Allah Nu Maha Uninga....... "

" He diri nu hurip........geura prak sidakep sinuku tunggal, menekung ka Nu Maha Agung (Allah)
neneda Ka Nu Maha Kawasa (Allah), ka "Nur dina Kurung" nu ngayuga dina rasa,  "Jisim Tunggal Sawiji" nu jadi pangeusi diri nu hurip......rasa satuhu, nunuhun Ka Nu Maha Agung sujud syukur, muga meunang bagja jeung pangraksa ti Manten-Na enggoning ngeusian waktu nu bakal datang.....jangelek waluya jati......."

"Dibekelan ku Elmu jeung Pangaweruh........"
"Mangsana Lima Waktu anu tangtu.............."
"Parabotna Jisim jeung Awak Sakujur..........."
"Rasa anu Nunggal toweksa mariksa lampah jeung paripolah...."
"Rukun Iman jeung Islam jadi bebentengna diri, ati sanubari anu suci diancik ku Sunnah Nabi (Muhammad SAW) jadi saksi pasini jeung kadali jatining diri...."

"Ngan pacuan sing waspada........mungguh urang mah manusa......hamo pogot ku bebenjo....... hamo ngungun ku kabingung......hamo lumpat kunu ngupat...hamo ngejat ku supata.......hamo lengkah malar suda.....mistina caringcing pageuh kancing pikeun hirup kumbuh geusan ulun   kumawula diieu sakola....."

"Isukan kanca mariang ti imah sewang-sewangan, mawa harepan, muru waktu nu lumaku, niatna seja nitipkeun diri, nyiar elmu pangaweruh ngeusian taun-taun ku Karsa, Cita jeung Cipta
........kersana pangjurung indung, dirakasa pangdu'a bapa didieu disakola anu samakta.....di SMP Negeri 1 Soreang.....................bral !"

(Kupersembahkan untuk Keluarga dan Mereka yang mengakui aku Ayahnya" 
  
   
   
      

15 komentar:

  1. assalamualaikum
    saya indra 9E, saya mengerti maksud bapak walaupun saya tidak membaca semuanya, bapak menemukan seuatu yang istimewa yan bapak nanti-nantikan dari dulu dan akhirnya bapak menemukanya kembali di smp N 1 soreang inikan memang saya juga menemukan sesuatu yang istimwa ,yaitu dengan menemukan teman-teman baru dan sahabat-sahabat baru meskipun saya tidak mengenali semua siswa tapi kita semua mengenali dan satu keluarga smp N 1 soreang,begitupun bapa menemukan murid-murid yang baru meskipun bandel-bandel dan meskupun bapak memarahinya kita anggap sebagai kasih sayang yang tiada henti dari seorang gurudan itulah hal yang paling istimewa yang sesungguhnya meskipun suka dan duka kita tempuh bersama, Uppss ma'af ya pak jadi sedikit curhat
    wassalam

    BalasHapus
  2. Assalamu'alaikum,,,
    Saya Vera, kelas IX J
    Saya sudah membaca postingan Anda dan saya sudah mencoba untuk mengerti apa yang ingin Anda sampaikan. Tapi, maaf Pak hanya sedikit yang saya mengerti.
    terima kasih Pak, atas nasihatnya
    (insya allah) nasihat bapak akan selalu saya simpan di benak saya.
    Maaf kalau selama ini saya dan teman2 sering membuat Anda pusing dan marah
    terima kasih Anda sudah menjadi orang tua yang baik untuk kami ....
    terima kasih atas semuanya...
    mungkin sebentar lgi sy tdk akan bljr d smpn 1 soreang lg, tpi kenangan t'indah dri sekolah yg sy cintai itu takkan mungkin hilang dr benak sy, dimana pun nanti sy akan bljr

    BalasHapus
  3. waduh pak teks karangannya manyuss bgt pak !!!
    meskipun beberapa ungkapan susah tuk dimengerti (jujur) tapi lumayan menyayat hatttti jg pak !!
    jg saya ingin berterimakasih atas sgala yang tlah bpk asep yeyes beri ! materi/ilmu yang akan sangat berharga kelak ataupun sekarang ini! jasa bapak takkan terhapus oleh apapun !!
    jg mohon maaf karena bnyk nya kesalahan saya dari mulai tingkahlaku pokoknya slama saya menjadi warga SMP Negri 1 Soreang !
    sekali lagi terimakasih !

    ohh ia pak ! ikut promosi ya hehe :)
    link untuk yang berminat atau ingin sekedar tau apa itu perisai diri kunjungi aja posting dari saya dgn link : www.syncpd.blogspot.com ! hehe makasihh !
    sekian ajj dl wassalammualaikum warahmatullah'hiwabarokatu!

    BalasHapus
  4. Assalamu'alaikum


    saya agus ruslan kelas IX F



    Saya sudah membaca postingan Anda dan saya sudah mencoba untuk mengerti apa yang ingin Anda sampaikan. Tapi, maaf Pak hanya sedikit yang saya mengerti.
    terima kasih Pak, atas nasihatnya
    (insya allah) nasihat bapak akan selalu saya simpan di benak saya.
    Maaf kalau selama ini saya dan teman2 sering membuat Anda pusing dan marah
    terima kasih Anda sudah menjadi orang tua yang baik untuk kami ....
    terima kasih atas semuanya...
    mungkin sebentar lgi sy tdk akan bljr d smpn 1 soreang lg, tpi kenangan t'indah dri sekolah yg sy cintai itu takkan mungkin hilang dr benak sy, dimana pun nanti sy akan bljr

    BalasHapus
  5. assalaualiakum pak saya edwin dari kelas ix E
    saya sudah membaca tulisan bapak, namun hanya sedikit yang saya mengerti, maaf bila saya pernah membuat bapak kesal, dan terimakasih banyak atas semua bingbingannya, mungkin saya juga tidak akan lagi blajr di smp 1 soreang lagi, sekali lagi saya sangat berterima kasih kepada bapak yang telah membingbing saya ,
    wassalam

    BalasHapus
  6. ..ass pakk ,, sayya atina dari keLas IX F..

    ..saya sudahh membacanya,, jujurr pak, sedikkit yg saya mengerti, hati saya tersentuhh, makkasih pak sudah mau membingbing saya dan teman" di SMP Negri 1 Soreang,, maaf saya biLa saya permnah saLah sma bapak,, sekaLLi Lgi terimakassihh..

    ..wss..

    BalasHapus
  7. ass pak....
    saya irfan akhmad dari kelas IXF

    ...saya sedikit mengerti tentang apa yang bapak tulis, dan saya berterima kasih kepada Bapak yang telah memberikan suatu masukan dalam setiap bapak mengajar dan saya akn selalu ingat tentang nasihat yang bapak berikan. Terimakasih Bapak

    wass

    BalasHapus
  8. ass pak.. sya devi nugraha dari 9c..

    mungkin.. semua orang tidak sempurna pak, tapi orang juga harus berusaha untuk bisa menjadi baik, meskipun tidak sempurana..
    kata-kata bapak, memang saya sedikit mengerti, karena saya belum fasih, berbahasa sunda.. tapi saya ngerti pak tentang apa yang di rasakan bapak..
    dan sya harap saya bisa setegar bapak..

    wasalam

    BalasHapus
  9. assalammualaikum pak saya dayan agung widiana
    dari kelas 9e

    alhamdulilah saya mengerti tentang, apa yang bapak sampaikan pada blog ini. bapak tidak bisa menghentikan waktu untuk bisa bersama dengan murid bapak, khususnya kelas 9 sekarang, dan bapak juga merasakan indahnya dan buruknya sifat kami kelas 9.. namun itu semua tidak menyurutkan semangat bapak dalm mengajar kami

    ada satu pesan yang saya ingin sampaikan, bahwa saya meminta maaf tentang semua kesalahan saya selama ini, dan semoga waktu masih mempertemukan kita kembali, selamat tinggal pak, tak akan ku lupakan jasamu. !!

    wasalam

    BalasHapus
  10. Ass.
    saya maulana 9E
    benar yang anda katakan bahwa saya juga seperti bapak yang menemukan sesuatu yang baru dari lingkungan SMP N 1 Soreang ini. Saya akan coba mengikuti nasihat bapak. Mungkin hanya itu pendapat saya.
    Wassalam

    BalasHapus
  11. Assalamu'alaikum
    PAK saya AHMAD ASSHIDDIQI dari kelas 9e.

    wah Pak tulisan bapa sangat menyentuh hati, dan maaf ya pak kalau saya mempunyai salah ke bapak,saya akan mendengarkan ucapan bapa.!!
    Terima kasih pak.
    wassalamu'alaikum.

    BalasHapus
  12. assalamualikum pak saya hengky ryan dari kelas 9 E saya juga mengerti pak bahwa saya juga seperti bapak yang menemukan sesuatu yang baru dari lingkungan SMP N 1 Soreang ini, saya bisa menemukan teman-teman yang baik , saya hanya ingin mengucapkan terima kasih kepada bapak karena telah membingbing saya , terima kasih pak.... wassalam

    BalasHapus
  13. ass,,pak sya rahmat nurjaman 9E ,,,

    saya sdh mmbca dan mngrti bhwa ,,, wktu akn mgubah sglanya k msa yang akan dtng ,,, jd d smpn 1 soreang bnyk skli kngan yang indah ,,, dan sya jg sbntr lg mau mngglkn smp yang sya cntai ini ,, olh krena itu sya mhn maaf bla sya slma bljr dgn bpk sya mmpnyai klkuan yang sngt mngcewakan bpk ,, olh krna itu sya mngcpkan trma ksh kpd bpk krna slma saya d kls 9 tlh di didik dgn baik shgga pljran yng bpk brkan dpt brmnfaat bgi sya ,,, olh krna itu mhn bpk mmfkan sya ,,, dan akhr kta trma ksh atas cmua bmbngan bpk ,,,

    wasslm

    BalasHapus
  14. Ass..Pak,...
    saya CITRA ANGGREINI kls IX J

    saya sdh membaca postingan Bpk,
    tpi maafkan saya Pak, hanya memahami sedkit.
    tetapi,
    intinya saya terharu dgn postingan Bpk tsb.
    yg mengganbrkan perjlnan antara suka dan duka,kita dituntut untuk bersyukkur kepda Alllah SWT dimna Allah SWT tlh memberikan segalanya kepda kita.

    terimakasih,
    wassalam...

    BalasHapus
  15. Ass...Pak,...
    Ini Rani Listyana kelas 9e

    Jujur Pak Rani cuman mengerti sedikit dari apa yang bapak tulis di blog ini.Isinya itu sangat-sangat menyentuh hati.Pak terimakasih atas semua ilmu yang bapak beri kpda kami semua slama ini,Rani minta maaf klau-klau slama bljr suka mngecewakan dan membuat marah bpak.
    Skali lagi Rani minta maaf ya pak????
    wasallamuallaikum wr.wb

    BalasHapus